http://www.goal.com/id-ID/
Senin, 16 September 2013
Makalah Bahasa Sunda
MAKALAH
SAJAK SUFI
DAFTAR EUSI
PANGJAJAP
............................................................................................................................... i
DAFTAR
EUSI ........................................................................................................................... ii
BAB
I BUBUKA
1.1.Kasang Tukang ............................................................................................................. 1
1.2.Watesan Masalah .......................................................................................................... 1
1.3.Maksud Jeung
Tujuan ................................................................................................... 1
BAB
II ULIKAN TEORI
2.1.
Bahasan ....................................................................................................................... 3
2.2.
Wangenan .................................................................................................................... 3
BAB
III ANALISIS DATA
3.1.
Contoh Sajak Sufi ....................................................................................................... 5
3.2.
Analisis ........................................................................................................................ 5
BAB
IV PANUTUP
4.1.
Kacindekan .................................................................................................................. 7
4.2.
Saran ............................................................................................................................ 7
DAFTAR PUSTAKA
PANGJAJAP
Puji sareng syukur mangga urang
sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca
tiasa ngabereskeun ieu karya ilmiah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa/Ibu Guru.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam
nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka shahabatna sareng
mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin …
Karya ilmiah ieu di judulan ku
ANALISIS UNSUR-UNSUR SAJAK ANU AYA DINA SAJAK SUFI . Panyajian anu aya dina
karya ilmiah ieu nyaeta unsur-unsur sajak anu aya dina sajak sufi, anu tujuanna
pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda. Tujuan anu sejenna nyaeta pikeun
ngembangkeun kanyaho urang kana karya sastra Indonesia khususna karya sastra
sajak.
Saleres-leresna karya ilmiah ieu
pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi
kitu simkuring saparakanca anu nyusun kana karya ilmiah ieu nyuhunkeun kritikan
sareng saran ti Bapa/Ibu Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun karya ilmiah ieu
pikahareupeun.
Tungtung basa, simkuring saparakanca
ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa/Ibu Guru anu parantos ngabimbing simkuring
saparakanca kana nyusunna ieu karya ilmiah. Oge simkuring saparakanca salaku
anu nyusun ieu karya ilmiah ngaharepkeun supaya ieu karya ilmiah teh tiasa
manfaat kanggo ngembangkeun katerampilan dina karya sastra Indonesia, sareng
tiasa manfaat kanggo para siswa pikeun diajar sastra.
Majalengka
, September 2013
Panyusun
BAB I
BUBUKA
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Dina kahirupan sapo-poe urang
sarerea pasti wae pernah nguping istilah sastra atawa karya sastra, prosa atawa
sajak. Tina maca karya sastra, urang sarerea bakal manggihan harkat hirup. Tina
basa lain, tina karya sastra aya ka manfaatan pikeun kahirupan. Karya sastra
anu alus, biasana sok ngabogaan nilai (value). Nilai eta di wangen tina wujud
wangenan karya sastra, anu sacara implicit sok aya dina galur, latar, tokoh,
tema jeung amanat. Atawa dina larik, kuplet, rima jeung irama. Nilai anu di
kandung tina karya sastra nyaeta : Nilai hedonik (Hedonic Value), nilai
artistik (Artistic Value), nilai kultural (Cultural Value), nilai etis, moral,
agama (Ethical, Moral, Religious Value) jeung nilai praktis (Practical Value).
Salah sahiji karya sastra Indonesia
nyaeta sajak. Sajak teh nyaeta anu ngabogaan ciri mantra, rima, teu jeung rima,
atawa kombinasi duanana. Katangtuanna, lamun di bandingkeun jeung sastra anu
sejen nyaeta, dina basa-basana anu topang-manopang jeung hubungan tina harti.
Pamahaman jalma-jalma kana sajak
bisa beda-beda. Ieu di sababkeun tergantung timana urang ngahartikeunna. Sajak
mangrupakeun ekspresi jiwa atawa emosi panyair kana naon-naon masalah anu
kapanggih dina ka hirupan. Jeung anu nyieuna kana sajak bisa saha wae heunteu
kudu jalma-jalma anu palalinter. Tapi urang oge salaku jalma awam bisa nyieun
oge lantaran satiap jalma ngabogaan imajinasi jeung pangalaman-pangalaman anu
bisa di jadikeun atawa anu bisa di larapkeun kana sajak.
1.2
Watesan
Masalah
Watesan masalah ieu dilakukeun
supaya panalungtikan bisa luyu jeung tujuan anu di harepkeun. Watesan masalahna
nyaeta: sakabeh anu ngenaan kana sajak sufi.
1.3
Maksud
Jeung Tujuan
Maksud tina karya ilmiah ieu nya eta
pikeun nganyahokeun sajak sufi.
Tujuanna tina nyieun karya ilmiah ieu nyaeta:
Tujuanna tina nyieun karya ilmiah ieu nyaeta:
·
Nganyahokeun
salah sahiji karya sastra Indonesia anu tina jalur sajak sufi
·
Nganyahokeun
unsur-unsur sajak
·
Bisa
nambahan kana kanyaho tina karya sastra
BAB
II
ULIKAN TIORI
ULIKAN TIORI
2.1. Bahasan
Sajak sufi teh nyaeta salah sahiji
karya sastra Indonesia. Sajak sufi bisa di hartikeun sajak anu di tulis ku
panganut paham kana tasawuf, sajak anu ngandung kana nilai-nilai tasawuf, atawa
sajak anu ngandung kana pangalaman tasawuf. Sajak sufi biasana ngebrehkeun rasa
ka sono panyairna kanu nyiptakeunna (Allah), hakekat hubungan mahluk jeung sang
Khalik, jeung sagala tingkah polah anu ka asup kana pangalaman kaagaman
(religious).
2.2. Wangenan
Wangenan sajak sufi teu beda jauh jeung sajak-sajak anu
sejena. Anu di wangen ku tema, makna/harti, rasa, irama/lagu, jeung amanat.
2.2.1 Tema
Tema nyaeta pokok pasualan anu bakal
di jentrekeun tina wangen sajak. Tema eta bisa di kembangkeun ku cara nagtukeun
hal-hal anu rek di jenterkeun tina sajak. Tema bisa oge disebut pokok pasualan
pikeun pikeun panyair.
2.2.2 Makna /Harti
Makna nyaeta kata anu dipake dina
sajak. Makna sajak aya anu disebut makna denotasi jeung aya anu disebut makna
konotasi.
2.2.2.1 Makna Denotasi
Makna denotasi nyaeta makna dasar,
leksikal, kamus, umum, netral, teu di campur nilai rasa, lain kiasan, atawa
harti anu paling deukeut. Atawa disebut oge makna anu sabeuneurna.
2.2.2.2 Makna Konotasi
Makna konotasi nyaeta makna anu
timbul tina akibat sikap sosial, sikap pribadi, jeung tina sikep tambahan, anu
dikenakeun kana salah sahiji makna konseptual atawa disebut makna kiasan makna
ditukangeun makna anu sabenerna.
2.2.3 Rasa
Rasa nyaeta sikep panyair kana pokok
pasualan.
2.2.4 Irama/Lagu
Lagu nyaeta sikep panyair kana
macana sajak.
2.2.5 Amanat
Amanat nyaeta salah sahiji perkara
anu anu jadi tujuan panyair atawa efek anu tangtu anu di dambakeun ku panyair,
oge disebut pesan atawa palajaran anu bisa di pelajari tina salah sahiji sajak.
BAB III
ANALISIS DATA
3.1.
Conto Sajak Sufi
Karya: Abdul Hadi W.M
GUSTI
Gusti,
Kuring jeung Anjeun deukeut pisan
Sakumaha seuneu jeung panas
Kuring teh panas tina seuneu Anjeun
Gusti,
Kuring jeung Anjeun deukeut pisan
Seperti kaen jeung kapas
Kuring kapas tina kaen Anjeun
3.2.
Analisis
3.2.1
Tema
Tema sajak sufi di luhur nyaeta hakekat hubungan mahluk jeung
sang Kholik. Lantaran panyair ngajentrekeun yen sakabeh jalma heunteu jauh
jeung pangawasan anu nyiptakeunna (Alloh SWT).
3.2.2
Makna
Makna anu di kandung dina sajak sufi bisa disajikeun dina
bentuk narasi ieu dihandap:
Sajak anu di karang ku Abdul Hadi W.M. eusina nyaeta “Yen saenya-enyana jalma-jalma teh heunteu jauh jeung Alloh SWT, tegesna mah jalma-jalma teh henteu bisa ngahindar tina pangawasan Allah SWT, lir di umpamakeun saperti seneu jeung panas, jeung lir ibarat kaen jeung kapas anu henteu bisa dipisahkeun.”
Sajak anu di karang ku Abdul Hadi W.M. eusina nyaeta “Yen saenya-enyana jalma-jalma teh heunteu jauh jeung Alloh SWT, tegesna mah jalma-jalma teh henteu bisa ngahindar tina pangawasan Allah SWT, lir di umpamakeun saperti seneu jeung panas, jeung lir ibarat kaen jeung kapas anu henteu bisa dipisahkeun.”
Dina narasi diluhur nandakeun makna anu dikandung dina sajak
eta miboga makna denotasi jeung konotasi (campuran).
3.2.3
Rasa
Pangarang anu ngarang kana sajak sufi anu judulna “Gusti” ,
ngabogaan sikep yen anjeuna geus sono pisan ka Gusti Alloh SWT, jeung anjeuna
rumasa yen dirina teu bisa jauh ti Allah SWT.
3.2.4
Irama/Lagu
Dina conto sajak sufi. Iramana bisa make lagu angger,
lantaran tiap padalisan sajak sufi di luhur iramana sarua atawa angger nyaeta
2//2.
3.2.5
Amanat
Amanat anu di kandung dina sajak sufi “Gusti” anu bade di
sampaikeun ku pangarang nyaeta: urang teh kudu sadar yen urang sarerea heunteu
bisa jauh tina pangawasan Alloh SWT, heunteu bisa sabebas-bebasna hirup di
dunya. Kumargi kitu urang kudu ngajaga sikep, tingkah laku urang, lantaran
Alloh SWT bakal terus bakal aya wae ningali ka urang, ngawas ka urang dina keur
ngalakonan naon bae.
BAB IV
PANUTUP
4.1.Kacindekan
Dina analisis data anu geus dilakukeun kana sajak sufi bisa
dicindekkeun sababaraha hal nyaeta:
a. Sastra nyaeta karya tulis anu, lamun
di bandingkeun jeung karya tulis anu sejena, miboga pirang-pirang ciri
kaunggulan saperti kaorsinilan, kaartistikan, sarta kaendahan tina eusi jeung
ungkapanna.
b. Sajak sufi teh nyaeta salah sahiji
karya sastra Indonesia. Sajak sufi bisa di hartikeun sajak anu di tulis ku
panganut paham kana tasawuf, sajak anu ngandung kana nilai-nilai tasawuf, atawa
sajak anu ngandung kana pangalaman tasawuf. Sajak sufi biasana ngebrehkeun rasa
ka sono panyairna kanu nyiptakeunna (Allah), hakekat hubungan mahluk jeung sang
Khalik, jeung sagala tingkah polah anu ka asup kana pangalaman kaagamaan
(religious).
c. Unsur-unsur sajak sufi teu beda jauh
jeung sajak-sajak anu sejena nyaeta miboga tema, makna/harti, rasa, irama/lagu,
jeung amanat.
4.2.Saran
Pikeun ngembangkeun kanyaho kana karya sastra khususna sajak
anu leuwih ngembang, saena kedah ngalakukeun sababaraha kagiatan, diantarana:
a. Guru-guru anu ngajar kana bidang
sastra di harepkeun supaya leuwih giat kana ngabimbing murid-muridna
b. Murid anu diajarna di harepkeun
supaya diajarna bener-bener.
c. Supaya lebih di tingkatkeun kana
kagiatan ngenalkeun sastra-sastra Indonesia
d. Murid supaya kudu di lobakeun kana
latihan-latihan sastra.
e. Ngayakeun hiji pasanggiri anu
ngenaan kana sastra supaya leuwih resep kana sastra-sastra Indonesia.
DAFTAR PUSTAKA
Anindyarini, Atikah. 2008. Bahasa Indonesia Kelas VII. Jakarta: Departemen
Pendidikan Nasional.
__________. 2008. Bahasa Indonesia
Kelas IX. Jakarta: Departemen
Pendidikan Nasional.
Pendidikan Nasional.
Gumilar, Kankan.1996. Bahasa dan
Sastra Indonesia. Ciparay:
Hakim, Lukmanul. 2004. Bahasa
Indonesia. Bandung: Elisa Surya Dwitma.
Sugono, Dendi. 2003. Buku Praktis
Bahasa Indonesia Jilid 1. Jakarta:
Departemen Pendidikan Nasional.
Departemen Pendidikan Nasional.
______. 2003. Buku Praktis Bahasa
Indonesia Jilid 2. Jakarta: Departemen
Pendidikan Nasional.
Pendidikan Nasional.
Suryana, dkk. 2006. PILA Bahasa dan
Sastra Indonesia.Bandung: Elisa Surya
Dwitama.
Wirajaya, Asep Yuda , dkk. 2008. Berbahasa dan Bersastra Indonesia. Jakarta:
Departemen Pendidikan Nasional.
Dwitama.
Wirajaya, Asep Yuda , dkk. 2008. Berbahasa dan Bersastra Indonesia. Jakarta:
Departemen Pendidikan Nasional.
Yogaswara, Yodi. 2006. Terampil
Berbahasa dan Bersastra Indonesia Kelas 1
SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.
SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.
_________. Yodi. 2006. Terampil
Berbahasa dan Bersastra Indonesia Kelas 3
SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.
SMP/MTs. Jakarta: Nimas Multima.
Langganan:
Postingan (Atom)